UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA | KATA BIJAK | MUTIARA KATA UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA | KATA BIJAK | MUTIARA KATA
UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA

KATA BIJAK | MUTIARA KATA

Assalamualaikum Wr.Wb... Selamat datang di blogku KATA BIJAK | MUTIARA KATA Artikel dibawa ini berjudul : UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA . Anda bisa copy halaman ini atau menyebar-luaskannya... tapi jangan lupa cantumkan link sumbernya. Karena blog ini dilindungi oleh DMCA Protection . Terima kasih!

Friday, July 26, 2013

UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA


UCAPAN SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI DALAM BAHASA SUNDA (Edisi Hari Raya Lebaran terbaru 2013) -Kata-bijak7 Mau Share " Kumpulan Ucapan Selamat Idul fitri bahasa sunda." Kepada sobat blogger nih ....Artikel tentang UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA  " ini boleh Sobat bagikan kepada teman atau sahabat terdekat melalui SMS sebagai ungkapan atau ucapan yg berbentuk kata mutiara indah dan renungan yang penuh hikmah menyambut hari raya idul fitri (lebaran)... selamat membaca Artikel " ucapan selamat hari raya idul fitri 1434 H Terbaru 2013 ....

kata-bijak7 tag


UCAPAN SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI DALAM BAHASA SUNDA

Wilujeng boboran siam 1434. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran

Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten

Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim

Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan ,
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
Wilujeng Boboran Syiam 1434 H

Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1434 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam

Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1434 H

Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam

Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun

Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali
silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1434 H

Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1434 H.

Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.

Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1434 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.

Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1434 H ku kabungahan tur kaikhlasan.

Harta paling berharga adalah sabar, teman paling setia adalah amal, ibadah paling indah adalah ikhlas, harga diri paling tinggi adalah iman, dan pekerjaan paling berat adalah memaafkan. maaf untuk lisan yang tak terjaga, hati yang yang berprasangka, janji yang terabaikan dan sikap yang pernah menyakitkan. Taqobalallohu minna waminkum syimana wa shiyamakum. Minal aidzin wal faidzin.

Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1434 H

Demikianlah  UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA Semoga artikel ini bermanfaat untuk anda.... jangan lupa baca juga Atikel "  UCAPAN SELAMAT LEBARAN DALAM BAHASA INGGRIS dan juga UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA JAWA


Judul Artikel : UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA
UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA Al-Hamdulillah..... Terima Kasih Banyak Wahai sahabat sahabat-ku yang telah sudi mampir kegubuk-KATA-BIJAK7..... Semoga artikel yang saya sajikan bermanfaat untuk sahabat semua......Amiin... KATA BIJAK | MUTIARA KATA •*¨*•♫♪。 ✿*. By KATA BIJAK | MUTIARA KATA Published: 2013-07-26T12:44:00-07:00 UCAPAN SELAMAT HARI RAYA LEBARAN DALAM BAHASA SUNDA 4.5 999999 reviews

0 comments:

Silahkan tinggalkan komentar anda....Mohon Maaf, Kami Akan Menghapus Komentar yang disertakan link atau iklan.... Atas perhatian terima kasih !!!